Berita Terbaru

Panampian Calon Pamanganten Pameget

Assallamu’allaikum Wr. Wb.
Langkung tipayun mangga urang sami-sami majatkeun puji kalih syukur kahadirat Alloh SWT, kalayan medal tina sungkeman sukma, anu hamo ngolesed tina bangbaluh kacangcayaan. Bijil tina sajatining panggalih, anu jadi galeuhna ati sanubari. Bari sok sanaos jisim kuring ngajerit insan anu teu daya teu upaya, murubmubyar cahaya kabagjaan anu nyaangan kandaga rasa. Sujud syukur kanu Maha Agung, anu sapapaosna diagung-agung lantaran agung ku agungna Alloh Anu Maha Agung Alloh Anu Maha Agung Alloh Anu Maha Agung.
Solawat miwah sallam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ngocor ngagolontor safa’atna ka kulawargina, para sahabat, tug dugikeun ka urang sadaya salaku umatna.
Salajengna Alhamdulillah dina ieu waktos urang parantos tiasa tepung lawung tepang raray tiasa silaturrahmi ku wasilahna pamaksadan pribumi sakulawargi. Mugi-mugi tepung lawungna urang ayeuna tiasa patepung dina gumulungna rasa syukur, patepang geusan ngandelan tali babarayaan, dalit ngahiji silaturrahmi anu dipirido ku Gusti Nu Maha Suci.
- Bapa Kepala KUA Kecamatan Talaga, anu ku sim kuring dipihormat.
- Bapa Kuwu Desa Talagaweta, miwah rengrengan Pamong Desa , anu ku sim kuring dipihormat.
- Para sepuh, Para Bapa, Para Ibu Hadirin, anu ku sim kuring dipihormat kalayan Insya Alloh anu dimulyakeun ku Alloh SWT.
Kalayan asmana pribumi Bapa…………sarimbit, sateuacanna sim kuring ngadugikeun sababaraha hal anu aya patalina sareng gempungan silaturrahmi, langkung ti payun sim kuring ngaraos peryogi nembrakeun heula rasa bagja sareng bari sugema. Bingah amarwatasuta. Bingah anu taya papadana, bingah anu sesah dikedalkeun ku carita. Ceuk babasan tea mah kaayaan jisim kuring dina wangkid ieu lir kagunturan madu, kaurugan menyan bodas, lir karagragan bentang ti langit. Gunung aya tungtungna, sagara aya wate na, nanging kabingah jisim kuring estu teu aya wates wangena. Anu janten margi dina wangkid ieu:
- kahiji ku kasumpingan para sepuh miwah para wargi, utamina para sepuh miwah para tatamu ti Sumedang anu parantos tiasa rurumpaheun sumping ka rorompok dina raraga jajap tuang putra bakal calon panganten pameget ka Talaga.
- Kabingah anu kadua, parantos kasaksen kusadayana kasauran kasepuhan ti Sumedang anu parantos ngadugikeun sagala pamksadanana, kumargi kitu teu aya basa anu langkung endah, genah, merenah, tur tumaninah anu ku sim kuring didugikeun iwalti ngahatur nuhun keun anu sa ageung-ageung na.
Hatur nuhun ka para sepuh miwah para wargi, utamina ka calon besan anu parantos anu parantos ngalimpahkeun kasaean ka sim kuring sakulawargi.
-Sumangga jisim kuring ngahaturkeun jagong tuhur meunang neundeun, haturan
wilujeng sumping.
-Unduk gunung keong reuma, sumangga geura gek calik, nya keusik-keusik
carentik, nya kacang-kacang carentang. Haturan wilujeng tepang.
Para Sepuh miwah para wargi Hadirin.
Kalih ti eta disagedengeun kabingah anu taya hinggana. Saleresnamah masih keneh aya bangbaluh kalbu, kakeling ati, paur batan maut haur, inggis batan maut hinis, malah rempan batan mesat gobang. Anu janten margi , sanaos Talaga Majalengka sareng Sumedang masih keneh sa amparan sami-sami tatar sunda, malah masih keneh kawaengku ku pamarentahan Provinsi Jawa Barat. Nanging upami emut kana adat istiadat sok bae aya bentena. Aya babasan ciri sabumi, cara sadesa sacarana-sacarana jawadah tutung biritna. Ku ayana eta bok bilih dina panampian sim kuring wangkid ieu kirang merenah kana manah, kirang nyugemakeun kasadayana. Kirang tata, kirang titi, kirang duduga peryoga, tebih tina suka cita. Maksad teh timpah langkung tipayun, neda hapunten anu saageung-agengna.
Salajengna kasaean para sepuh para wargi sadayana anu parantos dilimpahkeun ka jisim kuring wangkid ieu, estu jisim kuring teu tiasa ngawales ku kasaean anu langkung utami. Sim kuring mung tiasa ngadu’a ka Alloh Anu Maha Kawasa. Mugi-mugi wae kasaean para sepuh para wargi sadaya, kalebet amal soleh anu kenging imbalan ti Mantena.
Para Sepuh miwah para wargi Hadirin.
Salajengna tadi parantos kasaksen ku sadayana kasauran kasepuhan ti Sumedang anu parantos ngadugikeun sagala pamaksadan nana. Sapagodos sareng kasaean kasepuhan tadi, maksad jisim kuring ngadeg didieu dipayuneun para sepuh,
Teu aya sanes, mung bade nyambung saur anu kapungkur, mapay laratan carita anu baheula, wireh sababaraha waktos anu kalangkung kantos aya kasaluyuan dina raraga nyanggakeun sabda panglamar tuang putra ka pun anak ngalangkungan sepuh sinareng sepuh. Alhamdulillah waktos harita lungsur langsar teu aya pamengan. Sami sepuh sareng sepuh sapuk Doa pisan. Tos kantenan palaputra kalebet kana babasan “ Batu turun keusik naek, kalapa tonggoheunana. Tuang putra purun, pun anak daek, sarua bogoheunana”.
Para Sepuh miwah para wargi Hadirin.
Sabada acara ngalamar kantos aya jangji pasini pasang subaya dina mangsa harita ti bakal calon pameget anu dipungkas ku akad nikah.
Alhamdulillah dugi ka wangkid ieu, parantos cunduk kana waktu ninggang mangsa. Nitih wanci anu mustari ninggang mangsa anu sampurna. Waktu anu ditunggu-tunggu, wanci anu dianti-anti, ayeuna parantos dugi kersaning pangersa Gusti Nu Maha Suci.
Para Sepuh miwah para wargi Hadirin..
Dumasar kana hal eta, jisim kuring kalayan asmana pribumi …………….
Sakulawargi, kalayan aya dina kaayaan “ balungbang timur jalan gede sasapuan” kasaksen ku urang sadaya taya aling-aling panghalang. Teu geuneuk teu meuleukmeuk, taya gantar akaitan . Estu clik putih clak herang, kaluar tina ati sanubari anu suci, kalaya diawalan ku ucapan:
Alhamdulillahirobbil ‘allamien, nampi tuang putra ………………bakal pangantrn pameget tikahkeuneun ka pun anak anu wasta na pun……………..
Buukna salambar, geutihna satetes, cungkrang katinggang pangpungna. Ti luhur sausap rambut, tihandap sahidas dampal. Jasmanina, rohanina, kumkeuneun sadayana ditampi kalayan kabingahan tur kaihlasan. Kitu deui tawis patali asih, panyangcang rasa ti tuang putra kamggo pun anak, mangrupi cacandakan, sami eta oge ditampi kalayan kabingahan tur kaihlasan.
Para Sepuh miwah para wargi Hadirin..
Eta manawi rawis panmpian ti jisim kuring, salajengna pamungkas, Du’a anu kasuhun, muga-muga akad nikah anu Insya Alloh, sakedap deui bakal dilaksanakeun, aya dina kalancaran, kalayan isuk jaganing pageto :……..
“ Mangka tiis nguntit angin, maka saba mapag ambah. Muga-muga hidep rahayu wibawa mukti, balabuh di peuntas ditu, hanjat di nusa kabagjaan. Dirgahayu anaking, dirgahayu hurip waras. Braal geura miang, dianteur ku teuetep deudeuh, kanyaah jeung bungah ti sadayana.
Amin Ya Robbal allamin.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar