Masrahkeun Calon Panganten Pameget

Biantara Asmana Bapa Wahidin MS
Kawalu Tasikmalaya, 26 September 2010 ( 16 Syawal 1431H.)

Assalamu allaikum Wr Wb.
Inal hamdan lillah. Nahmaduhu wanastainuhu wanastagfiruhu, wanudzubillahi minsyurui anfusina waminsyai’ati  a’malina mayyahdillahu fala mudillalah, wamayudlilhu  fala hadiyallah. Ashaduala ilaha illalloh wahdahu lasyarikallah wa ashadu ana Muhammadan abduhu warosuluhu la nabiya ba’dah. Ama ba'du

Langkung tipayun mangga urang sami-sami manjatkeun puji kalayan kaweninan ati ka Gusti Nu Maha Suci, Sadaya puja

anu teu weleh maseuhan dada mung kagungan Alloh anu Maha Kawasa. Urang manjatkeun syukur anu sapaposna masket lebeting kolbu ka pangkonan Alloh anu Robbun Gofur. Mantena anu parantos maparin hirup sinareng huripna diwuwuh ku mangpirang-pirang rahmat tur ni’mat ka sakumna mahluk anu kumelip di alam pawenangan ieu. Ni’mat kawilujengan, ni’mat panjang yuswa, utamina kanggo urang mah ni’mat iman tur ni’mat Islam.
Solawat miwah sallam, pamugia sapapaosna ginuluran ka panutan urang sadaya Habibana wa Nabiyana Muhammad SAW. Kalayan ngocor ngagolontor safa’atna ka kulawargina, para sahabtna, para tabi’in atba’ut tabiin, kalebet urang sadaya salaku umatna anu tumut kana anjaran mantena.  Amin Ya Robbal lamin.
-Pangjejer acara, anu dipihormat,
-Sohibul makosid Bapa Sunarya.sarimbit, anu ku sim kuring dipihormat,
-Pupuhu pamangku pamarentahan setempat, Bp RT, Bp RW, Bapa Lurah miwah rengrengan anu ku sim kuring dipihormat,
-Bapa panghulu KUA Kecamatan kawalu, anu ku sim kuring dipihormat,
-Para sepuh pini sepuh, para kasepuhan, para alim ulama, tokoh masyarakat, tokoh pemuda, hadirin wal hadirot anu ku sim kuring dipihormat, kalayan Insya Alloh dimulyakeun ku Allo SWT
Alhamdulillah dina ieu waktos urang parantos tiasa tepung lawung tepang raray tiasa silaturrahmi ku wasilahna pamaksadan pribumi sakulawargi. Mugi-mugi tepung lawungna urang ayeuna  tiasa patepung dina gumulungna rasa syukur, patepang geusan ngandelan tali babarayaan, dalit ngahiji dina silaturrahmi anu dipirido ku Gusti Nu Maha Suci.

Para sepuh miwah hadirin anu ku sim kuring dipihormat.
Kalayan asmana Bapa Wahidin sarimbit sim kuring, ngahturkeun sewu nuhun laksaketi  kabingahan kana sagala panmpian tur panghurmatan anu parantos diparinkeun ka sim kuring sarombongan. Paripaos cunduk gasik diaku, dongkap gasik dipapag ku musafahah, dicalikeun dina tempat anu merenah. Tangtos ieu teh ngarupikeun hiji kabingah anu teu tiasa dikedalkeun ku carita. Gunung aya tungtungna, sagara aya wates na. Nanging kabingah sim kuring dina wangkid ieu estu teu aya  wates wangna. Kana sagala rupi kasaean pribumi sakulawargi didieu, si kuring mung tiasa ngado’a ka Alloh SWT, pamugia naon rupi kasaean tur panghurmatan anu parantos  diparinkeun ka sim kuring sa rombongan ti Talaga Majalengka, dicatet janten amal sholeh anu kenging imbalan kasaean anu manglipet-lipet ti Alloh SWT. Amin Ya Robbal Alamien

Para sepuh miwah hadirin anu mulya.
Disagedengeun kabingah anu ku sim kuring karandapan dina wangkid ieu, nanging teu weleh oge ngaraos inggis batan maut hinis, paur batan maut haur, rempan batan mesat gobanag. Anu janten margi sok sanaos antawis Talaga sareng Kawalu teh, masih sami- sami sa amparan tatar Sunda, malih masih kawengku ku Pamarentahan Provinsi Jawa Barat.Nanging upami emut kana adat istiadat mah sok aya wae bentena. Aya babasan Ciri sabumi cara sadesa, sacarana-sacarana jawadah tutung biritna. Ku ayana eta bok bilih dina pamasrahan  calon panganten pameget  wangkid ieu kirang merenah kana manah, kirang nyugemakeun kasadayana. Kirang tata, kirang titi, kirang duduga peryoga, tebih tina suka cita. Maksad teh timpah langkung tipayun, neda hapunten anu saageung-agengna.
Hapunten anu kasuhun, sim kuring sarombongan ngaleut ngeungkey ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang. Nanging ngaleut bari teu barang tanggeuy , nyatang pinang bari teu barang bawa. Ludeung namah sim kuring teh wireh kajurung ku niat anu suci, malahmandar aya widi Gusti Nu Maha Suci.Salaengna dupi maksad sim kuring sarombongan ti Talaga Majalengka dongkap ka ieu tempat paripaos jauh dijugjug anggang di teang, aya sababaraha hal anu peryogi didugikeun kahiji: sejak nyanggakeun silaturrahmi ka pribumi sakulawargi didieu, malih sok sanaos parantos kalangkung, teu aya lepatna sim kuring ngahaturkeun “Wilujeng Boboran siyan 1 Syawal 1431 H Taqobalallohu mina wa minkum,siyamana wa siyamakum. Wajaallanallohu Minal Aidin Wal faidzin
Atuh kalih ti eta, sim kuring asmana Bapa Wahidin sakulawargi sejak nyusul tepus bukur catur anu kapungkur, wireh dina sababaraha waktos anu kalangkung, sim kuring kantos “Hitbah” atanapi nyanggakeun sabda panglamar ti pun anak kanggo tuang putra ngalangkungan sepuh sareng sepuh. Waktos harita Alhamdulillah sadaya sapuk doa pisan restu pisan ditampi ku asta kalih kasangga kalingga murda. Atuh tos kantenan ari pun anak sareng tuang putra mah,  aya paripaos “ Batu turun keusik naek, kalapa tonggoheunana. Tuang putra purun, pun anak daek sarua bogoheunana”.

Atuh kukituna ngalangkungan ieu pasamoan, sim kuring asmana sepuhna calon panganten pameget, seja ibadah nyumponan kana jangji. Rupina antawis pun anak sareng tuang putra anu parantos jangji pasini pasang subaya dina mangsa harita, wangkid cunduk kana waktu anu tangtu, ninggang mangsa anu sampurna, nitih wanci anu mustari… Waktu anu ditunggu-tunggu, wanci anu dianti-anti, ayeuna parantos dugi kersaning pangersa Gusti Nu Maha Suci

Para Sepuh miwah para wargi Hadirin
Dumasar kana hal eta, jisim kuring  kalayan asmana Bapa Wahidin Sakulawargi, kalayan aya dina kaayaan “ Balungbang timur jalan gede sasapuan” Estu clik putih clak herang, kaluar tina ati sanubari anu suci, kalayan diawalan ku ucapan

Bismillahirrohmannirrohiem” nyanggakeun pun anak Dani Hidayatulloh tikahkeuneun ka tuang putra anu jenenganana Neng Nunung Nurmala.
Nyanggakeun jirim jinisna, nyanggakeun lahirna batinna. Ti luhur sausap rambut, ti handap  sahidas dampal. Rambutna satetes, buukna salambar ambekna sadami. Nyanggakeun ireug talingeuna. Ceuk bahasa urang Jatiwangi tea mah Nyanggakeun ti luhur sasemet ketu, tihandap semet sapatu, tengah namah duka surutu duka halu, da eta mah masih misteri, mung Neng Nunung Nurmala anu bakal uninga, kalayan tiasa dibuktoskeun engke dimana waktos parantos simpe.
Kalebet tawis kaasih panyangcang rasa ti pun anak kanggo tuang putra ku mangrupi cacandakan anu mung ukur alakadarna, sami eta oge pamugia katampi kalayan kabingahan tur kaikhlasan. Ulah ditingal tina pangaosna, nanging tingal tina niatna.

Atuh salajengna hapunten anu kasuhun wireh pun anak teh ari pendidikan formal mah kantos disakolakeun dugi perguruan tinggi . Nanging ari perkawis rumah tanggi mah anjeuna teh estu masih jauh tina pangaweruh, suda ku pangalaman . Atuh kukituna kasepuhan didieu tiasa ngam’lum, kalayan sami-sami maparin bingbingan ka pun anak sareng tuang putra.

Para sepuh miwah hadirin anu ku sim kuring dipihormat.
Salajengna sim kuring seja neda jiyadah do’a ti sadayana, mudah-mudah lumangsungna akad nikah engke aya dina kalancaran, oge saba’da akad nikah aranjeuna tiasa ngawujudkeun rumah tangga anu mawaddah warohmah sakinnah sakumaha anu dicontoan ku Rasullulloh SAW. Bagja bahagia di dunya, pon kitu deui bagja tur bahagia jaga di akherat.

Para sepuh miwah wargi hadirin
Eta manawi tawis pamasrahan ti sim kuring asmana sepuhna calon panganten pameget  “Tutus langkung kepang halang. Bobo sapanon carang sapakan . Neda Agung cukup lumur anu kasuhun, neda jembar pangampura anu diteda.
Atuh kanggo hidep duaan anu baris ngajatukrami:
Mangka tiis nguntit angin, maka saba mapag ambah. Muga-muga hidep rahayu wibawa mukti, balabuh di peuntas ditu,  hanjat di nusa kabagjaan. Dirgahayu anaking, dirgahayu hurip waras.  Braal geura miang, dianteur ku teuetep deudeuh, kanyaah jeung bungah ti sadayana.
Amin Ya Robbal allamin.
Akhirul kallam Billahi Taufik wal hidayah Wassallamu allaikum We.Wb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar